Terkini
BANDUNG, (Golali) - Lagu berjudul Duriat Pegat adalah salah satu lagu yang dinyanyikan Detty Kurnia, seorang penyanyi pop Sunda.
Lagu Duriat Pegat berlirik bahasa Sunda
Yuk simak lirik lagu Duriat Pegat dari Detty Kurnia!
Bumi nu Anjeun-Na
Langit nu Anjeun-Na
Sapangeusi alam dunya
Mungguh kersaning Anjeun-Na
Tur sagala mahluk-Na
Kalebet urang sadaya
Teu aya nu jadi kajaba
Éta kagungan Anjeun-Na
Jodo nu Anjeun-Na
Pati nu Anjeun-Na
Susah-senang, lara-bagja
Gumantung kana kodrat-Na
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah, mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah, hamo nolak
Ya Allah, abdi panceg kayakinan
Salira nu Maha Rohman
Tangtos aya kasaéan
Sagédéngeun kapeurihan
Ya Allah, Salira nu murbeng alam
Baca juga : Lirik Lagu Duriat Dipopulerkan Darso
Jodo nu Anjeun-Na
Pati nu Anjeun-Na
Susah-senang, lara-bagja
Gumantung kana kodrat-Na
Kitu deui jodo urang
Kapan kahayang mah manjang
Buktina geuning papegat
Najan kabeungkeut duriat
Ya Allah, mugia abdi sing kiat
Dina nampi ieu kodrat
Panginten ieu tos gurat
Duriat kedah papegat
Abdi pasrah, hamo nolak
Ya Allah, abdi panceg kayakinan
Salira nu Maha Rohman
Tangtos aya kasaéan
Sagédéngeun kapeurihan
Ya Allah, Salira nu murbeng alam
Ya Allah, Salira nu murbeng alam
(Yatni Setianingsih/Golali.id)