Terkini
BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Anjeun adalah salah satu lagu yang diciptakan Nano S. Lagu Anjeun dinyanyikan Nining Meida. Lagu Anjeun berlirik bahasa Sunda, arti kata Anjeun dalam bahasa Indonesia yaitu Kamu.
Inilah lirik lagu Anjeun - Nining Meida
Teu aya deui
Nu mika cinta iwal anjeun
Teu aya deui
Nu mika melang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya
Pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria
Anu jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Baca juga : Lirik Lagu Kalangkang
Teu aya deui
Nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui
Nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut
Ngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus kaditu kadieu
(Yatni Setianingsih/Golali.id)