Terkini

Lirik Lagu Kasmaran - Hetty Koes Endang

BANDUNG,(Golali) - lagu berjudul Kasmaran adalah salah satu lagu yang dinyanyikan Hetty Koes Endang.

Inilah lirik lagu Kasmaran dari Hetty Koes Endang

Upami ninggali kembang
Kacipta manehna ngalangkang
Kapiraray pameunteu
Nu kasep nu anggun manis
Kapiati nastiti na diri
Jiwa romantis

Upami ninggali bulan
Kagambar manehna nembongan
Linduh rasa imutna sorana
Ngagupay heman
Ngagalindeung tungkusan
Hariring tembang kasmaran

Kamana mana urang bareng
Urang bareung
Kamana mana urang nyanding
Urang nyanding

Satujuan sahate saihwan
Sakatineung sakameulang
Sawirahna udagan hareupan
Natas asih anu manjang

Upami laksana tepung
Maparis sumanding
Gumulung putih asih
Nu weuning dumeuli
Sajalan leumpang
Mapaesan carita lalakon
Cinta nu urang
(Yatni Setianingsih/Golali.id)