Terkini

Lirik Lagu Mega Hideung - Yayan Jatnika

BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Mega Hideung adalah lagu berlirik bahasa Sunda, yang dinyanyikan Yayan Jatnika. Arti Mega Hideung dalam bahasa Indonesia yaitu Awan Hitam.

Inilah lirik lagu Mega Hideung dari Yayan Jatnika

Tuh, itu layung siga pundung

Ningal urang nu teu satujuan

Naha anjeun bisa robah anu geus pasini?

Da bongan anjeun nu ménta

Kuring nganteur kahayangna

Anjeun hayang pepegatan


Tuh, itu méga ngahalangan

Langit anu rék ngagebray ca'ang

Naha ku teu sangka akhirna geuning bet kieu?

Kacinta urang duaan aya nu ngahihileudan

Gogoda éta ka urang


Méga hideung ngalangkangan

Langit ceudeum tanda arék hujan datang

Naha naon anu rék ditéang

Kanyaah kacinta keur urang


Meureun kuring henteu ngalayah ku harta

Ukur banda cinta modal anu boga jang salira

Teu ngarti na jero pikirna

Yén harta bisa mawa bagja


Baca juga : Lirik Lagu Bangbung Ranggaek


Loba anu pisah lain kurang harta

Silih kanyahokeun dibutuhkeun cinta

Lain ukur harta

Anjeun béda pilihanna

Nu ditéang geuning harta


Tuh, itu méga ngahalangan

Langit anu rék ngagebray ca'ang

Naha ku teu sangka akhirna geuning bet kieu?

Kacinta urang duaan aya nu ngahihileudan

Gogoda éta ka urang


Méga hideung ngalangkangan

Langit ceudeum tanda arék hujan datang

Naha naon anu rék ditéang

Kanyaah kacinta keur urang

Meureun kuring henteu ngalayah ku harta

Ukur banda cinta modal anu boga jang salira

Teu ngarti na jero pikirna

Yén harta bisa mawa bagja

(Yatni Setianingsih/Golali.id)