Terkini
BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Momotoran adalah salah satu lagu berlirik bahasa Sunda, yang dinyanyikan Doel Sumbang.
Inilah lirik lagu Momotoran dari Doel Sumbang
Momotoran ka leuweung-leuweung
Euweuh sieun eweuh keueung
Nepi ka leuweung ngahuleng
Ngadadak asa baluweng
Geus euweuh tangkal nu nangtung
Nu nyésa kari tunggulna
Rébuan hektar nalangsa
Na kusaha, na kusaha
Geuning beut kieu jadina
Yu urang bebenah
Ridho lillahi taala
Momotoran ka gunung-gunung
Ti luhur ningali Bandung
Meni geus heurin ku tangtung
Suhunan imah geus dukdek
Di luhurna haseup mulek
Deudeuh teuing kota kembang
Karunya Paris van Java
Hayang berhiber jeung bermartabat
Gening beut kieu jadina
Yu urang bebenah
Ridho lillahi taala
Momotoran ka sisi laut
Nguriling sapoe jeput
Neangan sésa nu éndah
Pasir pacampur jeung runtah
Biwir pantai pinuh ku jongko
Bari jeung rada teu betah
Markir motor terus ngalamun
Naha nya, ari manusa
Ngagalaksak abong sampurna
Yu urang bebenah
Ridho lillahi taala
Momotoran ka jalan raya
Meni geus euweuh nikmatna
Polusi kabina-bina
Angkutan umum pabeulit
Jumlah na geus loba teuing
Anu méré ijin trayék
Sigana ngan ngitung proyék
Kota asa jadi poék
Matak eungap, matak bengék
Yu urang bebenah
Ridho lillahi taala
Baca juga : Lirik Lagu Ojeg dari Yana Kermit
Momotoran ider-ideran
Hareudang campur prihatin
Ngadua ka nu Kawasa
Mugia énjing pagéto
Aya pamingpin nu nyaah
Nyaah ka leuweung jeung gunung
Nyaah ka laut jeung kota
Ulah mung ka kulawarga
Sareng ka golonganana
Sok geura istighfar
Munajat ka nu kawasa
Mugia waé diijabah
Margi upami teras-terasan
Diantep mah rupina bakal ancur
Da Gusti mah pan moal jalir jangji
"Kami moal ngarubah nasib hiji bangsa"
"Lamun éta bangsa teu ikhtiar pikeun ngarubah nasibna sorangan"
Jelas panginten nya
Jadi tugas urang teh ikhtiar, ikhtiar, jeung ikhtiar
Yu ti ayeuna urang bebenah
Kalayan ridho lillahi taala
(Yatni Setianingsih/Golali.id)