Terkini

Lirik Lagu Sapu Jagat - Doel Sumbang

 BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Sapu Jagat adalah salah satu lagu berlirik bahasa Sunda, yang dinyanyikan dan diciptakan Doel Sumbang.

Inilah lirik lagu sapu Jagat dari Doel Sumbang 

Teu bisa dihalang halang

Datang oge mangsana

Awewe jadi lalaki

Lalaki jadi awewe

Beurang dijadikeun peuting

Peuting di jadikeun beurang

Dunya pinuh ku maksiat

Eungap ku Gibah jeung fitnah


Awewe nu jadi indung

Ngaborojolkeun dunungan

Diparentah dibabukeun

Ku anak kandung  sorangan


Nu kudu munjung ka indung

Malah munjung ka gunung

Nu kudu muja ka bapak

Malah muja ka sagara

Baca juga : Lirik Lagu Dina Amparan Sajadah 

Nu soleh dianggap aneh

Nu lieur dianggap cageur

Make kedok agama

Parasea jeung sasama


Loba nu gelo ku harta

Poho urusan akherat

Jalma gede jalma beunghar

Berjamaah jadi bangsat


Tangtu hirup bakal riweuh

Mun gusti dianggap euweuh

Agama dianggap dongeng

Pangkal kasasar balangsak

Hayu dulur geura cageur

Geura bener gera bageur

Ulah telat ulah pegat

Mentang do'a sapu jagat 

(Yatni Setianingsih/Golali.id)