Terkini

Lirik Lagu Tangkuban Parahu - Neneng Fitri

BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Tangkuban Parahu adalah salah satu lagu yang dinyanyikan penyanyi Sunda, Neneng Fitri.

Lagu Tangkuban Parahu adalah lagu berlirik bahasa Sunda, yang diciptakan Endang Sugilar.

Simak lirik lagu Tangkuban Parahu - Neneng Fitri 

Tanahna endah nu sumebar mencar

Di kota kembang...

Hawana tiis cai ibun muntang

Na dangdaunan...


Mipir pasir nu lungkawing

Mapay jurang anu lewang

Ula-ileu jalan panjang

Nanjak mudun pangjugjugan...


Mipir pasir nu lungkawing

Mapay jurang anu lewang

Ula-ileu jalan panjang

Nanjak mudun pangjugjugan...


Gunung Tangkuban Parahu

Ngancik di kalreun Bandung

Sasakala urang Sunda

Jaman Sangkuriang...


Anu liwung gandrung ku indung

Miasih Dayang Sumbi...

Hanjakal teu tinekanan

Cintana pegat di jalan


Baca juga : Lirik Lagu Sangkuriang - Tetty Kadi


Nu kiwari jadi prasasti abadi

Papaés nagri...

Ngajungkiring tepis wiring

Pulas alam kaendahan


Jadi tempat pangjugjugan

Wisata mancanagara

Wisata domestik piknik

Ngaranjang tatar Priangan


Endah gunung Tangkuban Parahu

Ngahias Bandung...

Endah gunung Tangkuban Parahu

Rungrum arum dipigandrung


Endah gunung Tangkuban Parahu

Kacatur kamashur

Gunung Tangkuban Parahu...

Kareueus urang...


Baca juga : Lirik Lagu Riwayat Sangkuriang - Sundari Soekotjo  


Nu kiwari jadi prasasti abadi

Papaés nagri...

Ngajungkiring tepis wiring

Pulas alam kaendahan


Jadi tempat pangjugjugan

Wisata mancanagara

Wisata domestik piknik

Ngaranjang tatar Priangan


Endah gunung Tangkuban Parahu

Ngahias Bandung...

Endah gunung Tangkuban Parahu

Rungrum arum dipigandrung


Endah gunung Tangkuban Parahu

Kacatur kamashur

Gunung Tangkuban Parahu...

Kareueus urang...

(Yatni Setianingsih/Golali.id)