Terkini

Lirik Lagu Tuturut Munding - Doel Sumbang

BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Tuturut Munding adalah salah satu lagu berlirik bahasa Sunda, yang dinyanyikan Doel Sumbang. Dalam bahasa Indonesia, Tuturut Munding artinya Ikut-ikutan. 

Simak lirik lagu Tuturut Munding - Doel Sumbang 

Tuturut munding (meureunan reuseup ka munding)

Tuturut munding (meureun kasurupan munding)

Tuturut munding (boa-boa ngelmu munding)

Tuturut munding (kalakuan siga munding)


Batur lieur, milu lieur

Batur ngaco, milu ngaco

batur gelo, milu gelo

Diajak baleg teu daek


Batur saur milu saur

Batur buka milu buka

Ti beurang batur puasa

Manehna jajan samangka


Baca juga : Lirik Lagu dina Amparan Sajadah 


Batur saur milu saur

Batur buka milu buka

Ti peuting batur taraweh

Manehna cindeukul gapleh


Malem lebaran

Batur di masjid takbiran

Manehna sorangan

Mabok ao di pengkolan


Poe lebaran

Batur salembur solat id

Manehna ngajoprak

Dipepende ku jin iprit

Itulah lirik lagu Tuturut Munding dari Doel Sumbang. (Yatni Setianingsih/Golali.id)