Terkini
BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Potret Kalbu adalah salah satu lagu berlirik bahasa Sunda, yang dinyanyikan penyanyi anak-anak bernama Kustian.
Begini lirik lagu Potret Kalbu dari Kustian
Duh bapa...salira sagara cinta
Nya ukur di bapa ayana tangkal darajat
Ret catet rek diregepkeun
Pituah nu jadi bapa
Sanajan nepi ka jaga pa...
Teu kendat kendat ngadu'a
Duh ibu...salira puntangan kalbu
Nya salira ibu gambaran gapura rasa
Lir seungit kembang malati
Nu mekar di taman sari
Sanajan nepi ka jaga bu...
Kanyaah taya raatna
Duh bapa...salira anu ngayuga
Duh ibu salira dipunjung-punjung
Siang wengi diri nampi
Dididik sareng diatik
Duh ibu duh bapa salira potretna kalbu
Baca juga : Lirik Lagu Potret Manehna-Nining Meida
Duh bapa...salira sagara cinta
Nya ukur di bapa ayana tangkal darajat
Ret catet rek diregepkeun
Pituah nu jadi bapa
Sanajan nepi ka jaga pa...
Teu kendat kendat ngadu'a
Duh ibu...salira puntangan kalbu
Nya salira ibu gambaran gapura rasa
Lir seungit kembang malati
Nu mekar di taman sari
Sanajan nepi ka jaga bu...
Kanyaah taya raatna
Duh bapa...salira anu ngayuga
Duh ibu salira dipunjung punjung
Siang wengi diri nampi
Dididik sareng diatik
Duh ibu duh bapa salira potretna kalbu
(Yatni Setianingsih/Golali.id)