Terkini

Lirik Lagu Sariak Layung - Ida Rosida

BANDUNG,(Golali) - Lagu berjudul Sariak Layung adalah lagu berlirik bahasa Sunda, yang dinyanyikan Ida Rosida. Lagu Sariak Layung diciptakan Mang Koko.

Berikut lirik lagu Sariak Layung - Ida Rosida 

Sariak layung di gunung

Iber pasini patepung lawung

Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung

Éh... ngawangwang nu dipigandrung aduh


Haréndong meuhpeuy harideung

Jalan satapak rarambu leuweung

Kumalangkang ronghéap nu kapitineung

Éh... ronghéap nu kapitineung duh


Surya surup layung hibar

Ka tanjakan sawangan diumbar

Geus ngolébat ieuh samar-samar

Hariring asihna kapireng ngalalar

Baca juga : Lirik Lagu Mega Hideung

Angin tiis ti mumunggang

Katitipan haréwos kamelang

Tawis deudeuh ieuh nu maranti

Sungkeman kahéman saranggeuy malati


Sariak layung di gunung

Iber pasini patepung lawung

Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung

Éh... ngawangwang nu dipigandrung aduh


Haréndong meuhpeuy harideung

Jalan satapak rarambu leuweung

Kumalangkang ronghéap nu kapitineung

Éh... ronghéap nu kapitineung duh


Surya surup layung hibar

Ka tanjakan sawangan diumbar

Geus ngolébat ieuh samar-samar

Hariring asihna kapireng ngalalar


Angin tiis ti mumunggang

Katitipan haréwos kamelang

Tawis deudeuh ieuh nu maranti


Sungkeman kahéman saranggeuy malati

(Yatni Setianingsih/Golali.id)